B. Daerah

Pertanyaan

naon bedana warta dina TV atawa majalah jeung koran ?

1 Jawaban

  • Warta dina TV jaman kiwari ilaharna warta saharita, kasebutna tèh warta “real time”. Kajadian poè harita diwartakeun poè harita kènèh. Warta dina koran telat sapoè, kajadian kamari diwartakeun ayeuna. Warta majalah leuwih telat, bisa saminggu atawa dua minggu, gumantung kana waktu terbitna èta majalah.

     

    Kaunggulan warta TV:

    - Informasina saharita (tepat waktu).

    - Nyiarkeun sora jeung gambar hirup (audiovisual).

     

    Kakurangan warta TV:

    - Informasina teu acan lengkep, ulasan lengkepna biasana ditayangkeun saminggu sakali.

    - Teu bisa dibalikan deui, sakali tayang moal panggih deui jeng warta èta. (stasiun TV khusus warta kiwari biasa ngulang-ngulang warta nu geus tayang samèmèhna, nu teu kaburu nongton siangna, bisa nongton ulanganana ti peuting).

     

    Kaunggulan warta koran:

    - Muatan informasina leuwih lengkep.

    - Kasalahan dina pawartaan biasana saalit pisan, warta koran diedit rapih samèmèh terbit.

    - Warta tulisan bisa dibaca bulak-balik sababaraha kali.

     

    Kakurangan warta koran:

    - Informasi tinggaleun sapoè.

     

    Kaunggulan warta majalah:

    - Informasi geus bener-bener lengkep, dibauran ka analisis jeung tafsiran nu penting pikeun ngarahkeun opini jalma nu macana.

    - Cocok pikeun jalma-jalma anu teu pati ngabutuhkeun warta tèrèh-tèrèh, informasi majalah geus dikemas saluyu jeung kalangan anu macana. Contona, majalah ekonomi nampilkeun kajadian pilihan presiden Amerika Serikat disorot tina sisi ekonomi.

    - Saperti koran, warta majalah bisa dibaca bulak-balik sababaraha kali.

     

    Kakurangan warta majalah:

    - Informasina geus jauh tinggaleun.

Pertanyaan Lainnya