Naon anu dimaksud tatalepa
B. Daerah
sitanggangputri8970
Pertanyaan
Naon anu dimaksud tatalepa
1 Jawaban
-
1. Jawaban ilukman
Kategori Soal : Bahasa Sunda - Dongeng
Kelas : VII (1 SMP)
Pembahasan :
Tatalepa nyaeta sumebar atawa pindah ti hiji jalma ka jalma sejenna. Istilah tatalepa sering disebut-sebut dina cara sumemarna dongeng. Sumebarna dongeng nyaeta sacara lisan atawa tatalepa ti hiji jalma ka jalma sejenna.
Kusabab dongeng sumebarna sacara lisan atawa tatalepa, ti hiji jalma ka jalma lianna, dongeng sok loba moboga versi anu beda-beda. Kusabab dongeng oge sumebarna sacara tatalepa, anu nulis atawa pangarang dongeng sering henteu jelas atawa sok disebut anonim.
Sanajan beda, harti kecap tatalepa rek sarua jeung harti kecap tepa. Ari tatalepa hartina nyaeta sumebar atawa pindah ti hiji jalma ka jalma pikeun naon wae, sedengkeun ari tepa mah khusus sumebarna pikeun panyakit wungkul.