Naon sababna dongeng sangiang borosngora bisa disebut dongeng legenda, bisa oge disebut dongeng sage
Pertanyaan
1 Jawaban
-
1. Jawaban ilukman
Dongeng Sangiang Borosngora bisa disebut dongeng legenda jeung bisa oge disebut dongeng sage sabab :
1. Dongeng Sangiang Borosngora nyaritakeun kajadian anu dipercaya yen eta kajadian teh bener-bener kungsi kajadian ku ayana bukti barang-barang titilar Sangiang Borosngora anu dibawa ti Mekah oge anu jadi bukti yen Sangiang Borosngora teh mangrupa raja Panjalu mimiti anu asup Islam, dongeng anu caritana saperti kitu teh disebut dongeng legenda atawa sasakala.
2. Dongeng Sangiang Borosngora bisa oge disebut dongeng sage sabab dongeng Sangiang Borosngora eusi caritana oge aya hubungannana jeung carita sajarah Karajaan Panjalu Galuh Ciamis sarta nyaritakeun kasaktian atawa kawanian Sangiang Borosngora sanggeus nyiar elmu ka sababara tempat, kaasup kungsi ka kota Mekah.
Kategori Soal : Bahasa Sunda - Dongeng
Kelas : X (1 SMA)
Kata Kunci : Sangiang Borosngora, dongeng legenda, dongeng sage